NADOM SUNDA: OPAT GOLONGAN AHLI NARAKA
Aya opat golongan ahli naraka
Anu moal bisa asup ka sawarga
Malah ngambeu seungit nage moal bisa
Sabab ngalampahkeun rupa-rupa dosa
Hiji di dunyana osok nginum arak
Atawa inuman anu matak mabok
Kaya ganja, morpin, rejeung narkotika
Nu disalahgunakeun dina makena
Dua jalma nu ngadarhar barang riba
Barang haram nu dilarang ku agama
Cara nipu, malsu, ngadu reujeung mitnah
Ngeser wates tanah, ngurangan timbangan
Golongan ka tilu atos dijeulaskeun
Ku hadits kanjeng nabi ditetelakeun
Nu ngadahar barang yatim dibeakeun
Titinggal kolotna kabeh diimetkeun
Opat boga dosa ka indung ka bapa
Nganyeurikeun milaraan di dunyana
Nepikeun ka maot anu jadi anakna
Teu dihampura dosa kunu jadi kolotna
Mugi ieu hadis janten perhatosan
Ka wargi-wargi, sumawonna jeung nu iman
Kangge para sepuh oge para nonoman
Mudah-mudahan janteun kasalametan
Wallohu a’lam bishowab.
@ripqimustopa #nadomsunda
Komentar
Posting Komentar