NADOM SUNDA: OPAT GOLONGAN AHLI NARAKA
Aya opat golongan ahli naraka Anu moal bisa asup ka sawarga Malah ngambeu seungit nage moal bisa Sabab ngalampahkeun rupa-rupa dosa Hiji di dunyana osok nginum arak Atawa inuman anu matak mabok Kaya ganja, morpin, rejeung narkotika Nu disalahgunakeun dina makena Dua jalma nu ngadarhar barang riba Barang haram nu dilarang ku agama Cara nipu, malsu, ngadu reujeung mitnah Ngeser wates tanah, ngurangan timbangan Golongan ka tilu atos dijeulaskeun Ku hadits kanjeng nabi ditetelakeun Nu ngadahar barang yatim dibeakeun Titinggal kolotna kabeh diimetkeun Opat boga dosa ka indung ka bapa Nganyeurikeun milaraan di dunyana Nepikeun ka maot anu jadi anakna Teu dihampura dosa kunu jadi kolotna Mugi ieu hadis janten perhatosan Ka wargi-wargi, sumawonna jeung nu iman Kangge para sepuh oge para nonoman Mudah-mudahan janteun kasalametan Wallohu a’lam bishowab. @ripqimustopa #nadomsunda